Skip to main content

Lirik Lagu Manuk Dadali,Sabilulungan,Dan Bandung

Di artikel kali ini saya akan membagikan Lirik Lagu-Lagu Daerah Sunda. Lirik lagu yang saya akan bagikan adalah lirik lagu:
  • Manuk Dadali
  • Sabilulungan
  • Bandung

Manuk Dadali


Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Mébérkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak méga bari hiberna tarik nyuruwuk

    Saha anu bisa nyusul kana tandangna
    Gandang jeung perténtang taya bandinganana
    Dipikagimir dipikasérab ku sasama
    Taya karémpan kasieun lébér wawanénna

Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti indonesia jaya
Manu dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna

    Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
    Silih pikanyaah teu inggis béla pati
    Manuk dadali ngandung siloka sinatria
    Keur sakumna bangsa jeung rahayat Indonésia


Itu tadi lirik lagu Manuk Dadali.


Sabilulungan

 

Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sipat silih rojong
Sabilulungan genténg ulah potong
Sabilulungan persatuan témbong (katémbong)

Tohaga (tohaga), rohaka (rohaka)
Teguh tanggoh perbawa sabilulungan
Sadia (sadia) sajiwa (sajiwa)
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan



       Langsung lanjut  ke lirik lagu Bandung


Bandung



Bandung Bandung
Bandung nelah Kota Kembang
Bandung Bandung
sasakala Sangkuriang

Dilingkung gunung, heurin ku tangtung
puseur Kota nu mulya Parahiyangan
Bandung Bandung
Pada muru dijarugjugan

Bandung Bandung
tingrunggunuk nyanding gunung
Bandung Bandung
dipasieup Cikapundung

Di Bandung mungpung, jalma ti kampung
ngadon reureuh di Kota nyinglar kabingung
Bandung Bandung
Pangbeberah nu ngadon nguyung


 Itu tadi lirik lagu Manuk Dadali,Sabilulungan,Dan Bandung. Terima Kasih sudah mau membaca Dan jangan Lupa baca juga : Lirik Lagu Tanah Sunda 







                  

Comments

Post a Comment

Peraturan Berkomentar :
1. Komentar relevan
2. No promosi
3. No porn dan sejenisnya
4. NO SPAM